Udin Jeung Icih Pangantèn Anyar | Kembara Madani Eduka

Udin Jeung Icih Pangantèn Anyar


Si Udin hayang mèrè kejutan keur pamajikanna nyaèta hiji imah nu dibeuli keur si Icih
Udin
:
"Nèng, Akang hoyong masihan sesuatu ka Nèng"
Icih
:
"Naon kang?"
Udin
:
"Tapi soca Nèng kedah ditutupan, amèh suprisè !”
Icih
:
"Mangga kang ...!"



Singkèt carita si Udin nungtun Nepi ka imah anyarna. Si Icih teu kuat ngulibek beunteung hayang hitut.

Si Icih nahan-nahan pihituteunana, da tara perenah pisan hitut hareupeun si Udin, komo bari keur momèn kieu mah mantak pièraeun pisan pikirna.
Tapi si Icih teu beak akal.
Icih
:
"Kang, meni asa atooh pisan Icih teh dugi halabhab hoyong eueut..."
Udin
:
"Oooh manga Nèng!, ku Akang pangnyandakkeun calik antosan nya geulis"



Sabot si Udin geus jauh sora lèngkahna.
Icih
:
"Tuuut …!!!" (ngalurkeun hitut rada ditahan bisi kadangueun ku salakina )



Teu kungsi lila, Udin datang ngasongkeun gelas ka si Icih.
Icih
:
"Akang ieu mah teu amis da Icih hoyong cai amis!"
(na pikir si Icih, ah can seubeuh hitut tèh).
Udin
:
"Mangga Nèng, ku Akang badè digulaan!”
(bari ngaleos deui k dapur).
Icih
:
"Tuuuuut....!!!"
(langsung hitut deui sabot lèngkah salakina ngajauh).



Udin datang deui bari ngasongkeun cangkir kana panangan Icih.
Icih
:
"Ah, akang kirang amis !!"


(Gussstiii…, ieu hayang kènèh hitut na pikir si Icih bari ngarapetkeun suku nahan pihituteun)
Udin
:
"Muhun ... muhun…, urang tambihan deui wèh gulana!"


(bari ngaleos mawa cangkir deui ka dapur).



Sabot salakina ngajauhan.
Icih
:
"Tuuut..., broooott…!!!"


(ploooong tah pihituteun geus kaluar kabèh.



Si Udin dongkap mèrè cangkir kapanangan Icih.
Ku Icih di suruput.
Udin
:
"Ayeuna urang buka nyak Nèng panutup socana ku Akang…!"


(Bari muka tali nu nutupan panon si Icih)
Icih
:
“Alaaaaah…, Mamah.. Papah... Abahh.. Ambuuuuu... Geuning araya di darieu…?!”


“Ti iraha araya didieuna ?????"


(bari ruyray beureum beungeut ningali kolot si Udin jeung sakabèh keluargana aya didinya)



Kompak kabèh ngajawab
"TI HITUT NU KA HIJI…!"

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Udin Jeung Icih Pangantèn Anyar"

Post a Comment